BAPA ...
 Bapa….sok sanajan teu reuneuh tapi
 getihna ngocor ka budak
 Bapa…..sok sanajan teu ngajuru tapi
 sora bapa nu pangheulana kadenge ku sora adzan
 Bapa…..sok sanajan cape beurang peting gawe kurang sare belaan anak pamajikan bisa dahar
 Bapa….sok sanajan teu meuli baju
 lebaran nu penting anak pamajikan bisa make baju lebaran
 Bapa…sok sanajan saurna jeung kurupuk nu penting anak pamajikan bisa jeung daging hayam
 Bapa….sok sanajan sertipikat imah,
 BPKB digadekeun ka BANK tetep bapa nu mayar
 nu penting anak bisa sakola pamajikan bisa ngiuhan
 Sing nyaah jeung hormat kanu jadi bapa
 sok sanajan surga aya di dampal ema
 tapi moal aya surga mun eweuh
 karidhoan nu jadi bapa
 Ya Alloh pasihan kabagjaan rejeki nu
 gampil tuur barokah, sehat sareng
 surga nu langgeung kanggo bapa nu
 tanggung waleur ka kulawargana…….Amiin...
Dikutip dari: https://www.facebook.com/Katabijakbasasunda/photos/a.156710184466701.34080.156707614466958/789469877857392/?type=3&theater 
No comments:
Post a Comment