Pa,

Pa,
Bapa dimana?
Nuju naon?
Sareng saha?
Kumaha kabarna?
Sae?
Kedah sae nya, Pa.

Pa,
Apep kangen
Tos lami teu pendak
Tujuh taun, pa, tujuh taun.
Sigana cekap asana teh kanggo mopohokeun rasana ditinggalkeun
Tapi angger, asana kakara kamari bapa mulang
Dipundut ku nu Maha Kawasa
Indit sakaligus mulang
Indit ninggalkeun Apep,
Mulang nyorang Gusti nu Maha Suci
Asana teu cekap tujuh taun pikeun nyeuseuh kapeurih, miceun rasa nalangsa
Bapa kamana wae?

Pa,
Kamari apep ulin rada jauh, punten teu wawartos.
Di pangulinan, apep ninggal pameget nuju didamel
Padamelanna kaetang basajan, sederhana
Mung, jadi tukang nyugu, ngalemeskeun kai pikeun mebel
Tapi nempo eta pameget meni matak sirik, Pa
Anjeunna didamel sasarengan sareng bapana
Katingal resep tur kompak
Pa, Apep ge hayang siga kitu.
Tapi geus teu bisa
Bapa angkat waktos Apep teu acan terang nanaon

Pa,
Nuhun,
Tadi peuting geus nyimpang dina impenan Apep
Nuhun pisan geus ngalongok Apep

Pa,
Lamun ayeuna Bapa ningal Apep anu sakieu kaayaannana,
Ari bapa rek ngarasa reueus atawa henteu?

Pa,
Punten,
Hampura,
Hampura lamun Apep geus jadi budak nu goreng adat
Budak nu sok ngalawan aturan
Jadi budak nu teu puguh arahna

Pa,
Nuhun
Nuhun sabab bapa pernah ngobrol sareng Apep
Karasa, pa, sagala cariosan bapa teh manfaat kanggo Apep
Sadayana bener, Pa.

Pa,
Mugi Gusti Nu Maha Asih mikanyaah ka bapa
Mugi Gusti Nu Rea Pangampura ngahampura sadaya kelepatan bapa
Mugi Gusti Nu Maha Agung nempatkeun bapa di tempat anu pangsaena

Nuhun, Pa.
Hampura, Pa.

2 comments:

  1. Kenapa mata saya berair ? :')
    Baca ini berasa feels trip banget.

    ReplyDelete